Tuesday, May 16, 2006

Popon Saadah




Date: Mon, 15 May 2006 22:27:41 -0700 (PDT)
From: "Ade Desi"
Add to Address Book Add Mobile Alert
Subject: Re: [Ekspresiku] Comment: "Fatamorgana"
To: "popon saadah"

Waalaikumsalaam teteh.
Hatur nuhun laksa kabungah rehna waleran ti desi
ditampi ku teteh. Walah teteh mah, perkawis wesel mah
engkin oge Insyallah bakalan murudul seueur jalaran ku
langkung mucekilna beuti seratan teteh. Atuh teteh,
mugi henteu janten pamengan "generation-gap" diantawis
desi ka teteh. Keun wae teteh parantos ibu2 oge da
engkin mah Insyallah desi oge bakalan nyusul janten
emak2 panginten. Teteh, desi Alhamdulillah nembe 18
taun. Namung memang ti SD keneh sok seneng weh upami
seseratan kana naon wae. Sok komo ka anu ngangken
tresna mah manukna fans desi. Tapi duka teuing ketang,
da geuning nyantel jodona mah ka Aa Ntiz anu tara ieuh
pajarkeun seratan onaman. Da tepangna oge mung 3
dinten. Teras khitbah lajeng "tunangan" 18 sasih.

Hatur tepang teteh, abdi pun Anjeli Desi, 18 taun.
Parantos nikah ti 11 Nop 2005. Mung heran wae desi
mah, naha nikah muda diusum kiwari mah banget ku
aheng.
Mangga pangtingalikeun URL desi di astagalove,
nokdesi, myqdesi sadayana di blogspot.com Teu acan
deui anu rajin nyerat teu uni anu tuntungna ku desi
dimanggakeun sangkan nonton VCD Blacklist keur
persona-non-grata.

Abdi terang ka blogsome teteh ti google, waktos desi
milari seratan Mangle. Nineung tuda ka basa lembur.
Lajeng kabuka wae seratan teteh anu nuju ngaguar
perkasih rasa cinta anu ghaib tea. Tah teteh, kanggo
desi mah seratan teteh kawilang sumber daya elmu kudu
anu kedah estu diteuleuman bari niat thalabul ilmi.

Hehehe siteteh mah, kantenan seratan teteh anu
saayaaya sakarepkarep sahinasna bae anu kedah
dikembangkeun sangkan janten "ciriwanci" siteteh
Popon.
Teteh teu acan ngawaler. Naha kengin desi nyiwit
seratan teteh? Kanggo bahan renungan abah anu nuju
katarajang mindo asih deudeuh bogoh ka hiji wanoja
Pekalongan di URL http://jengfiona.blogspot.com/
Euleuh teteh mah, eta abah ku teu sirikna kokosodan
banget ku bogoh ka wanoja 34 taun anu sakitu hare2na.
Mangkana teteh, manahoreng rasa cinta teh ghaib
geuning. Estu kurnia ti Anu Maha Suci ka anu mampu.
Mangga tinggal etang2 landong sebel weh nya teteh.

Hapunten teteh, data desi aya di FS sareng astaga.com.
ID: nokdesi@yahoo.com Tapi da desi mah alit keneh
pisan jaba nuju diajar, mangga tinga ku teteh manawi
katoong.
Manawi teteh henteu aya wagelan, korespondensi urang
ku desi bade dimuat di astagalove. Kantenan eusina
manawi nyambung kana substansi kaperyogian anu sanes.
Wassalam takzim, anjeli desi.

--- popon saadah wrote:

>
>
> Assalamualaikum Wr.Wb.
> Bingah pisan maca serat waleran ti Ayi,
> langkung-langkung ti dipasihan wesel. Dupi Ayi teh
> yuswana sbrha taun? Da teteh mah tos ibu-ibu, tapi
> cumentil keneh. Sareng terang ti mana aya blog
> Teteh? Jadi isin akh, mangkaning eusina saaya-aya,
> sakarep-karep. Namina oge diajar keneh. Sok atuh
> kintunkeun biodata ayi ka teteh, supados urang
> langkung wanoh. Sakitu heula.
>
>
> Wassalam
>
> Popon Saadah
>

No comments: